Hirup Urang Jauh Ti Bagja


Neang Tempat Panglumpatan

Duh Gusti
Geuning hirup teh nalangsa
Riung jeung batur timbul timburu
Hese lengkah tur cumarita

Duh Gusti
Di mana sakirana tempat nu aman
Saban poe timbul kriminal
Loba jelema keur lalieur lalumpatan

Duh Gusti
Teu di imah teu di sakola
Geus lain deui tempat nu merenah
Teu aya deui tempat panglumpatan

Duh Gusti
Kudu kumaha deui atuh ayeuna
Ka mana deui neang nu merenah
Da piraku kudu lumpat ka leuweung mah

Duh Gusti
Kasieun nu timbul ti diri pribadi
Sing bisa dipiceun
Sangkan hirup merenah jeung bingah

 

Semah Cai Anu Ngaguar Kabagjaan

Lengkah diri rek neang elmu
Pikeun ngabereskeun anu geus dijajal
Nepi ka tungtung dunya
Pikeun leuwih nyampurnakeun pangajaran anu dijugjug

Wanci harita di tempat anu endah
Cai badag ujug-ujug datang ti luhur kaendahan
Mawa raga anu kacida jagjagna
Euweuh basa lisan anu siap narimana

Nu kasep leungit dina kanyaahna
Warta rame silih ganti ngawawarkeun
Silih ganti ngirimkeun pidua jeung harepan
Pikeun raga jagjag waringkas katembong deui

Saminggu lilana leungit dina kanyaahna
Bus asup bapana kana cai neangan
Bus asup indungna kana cai neangan
Matak waas nu ninggalina

Pidua ngalir ti mana-mana
Wawales tina alus sifat jeung sikapna
Dua minggu balik ka Lemah Caina
Dipapag ku shalawat jeung kanyaahna

Ngeclak cimata ninggali alus rupana
Beleger jeung seungit kaambeuna
Nu kasep ninggalkeun carita
Jeung panjang umur kabagjaanna

 

Mikasono

Sono Lemah Cai nu heurin ku leuweung
Lieuk ka kenca lieuk ka katuhu
Hejo seungit tatangkalan

Sono Lemah Cai nu dilingkung ku sawah
Unggal isuk ninggali gupay daunna
Kacida bungah karasana

Sono Lemah Cai nu endah alamna
Unggal tanggah kalieuk gunung nu beunghar
Teu kahalang ku gedung anu nangtung

Ayeuna mah sono tinggal sonona
Hese neang anu dipikabingah
Komo deui geus langka ninggali anu marahmay

Ayeuna mah hirup geus silih nyorangan
Matak reuwas mun dibandingkeun jeung baheula
Rumasa basa loba nu teu merenah kana dumasarna

Sono pisan sono
Sono kacida sono na
Sono kacida mikasono

 

Kurang Pangarti

Ripuh langkah ninggali sagala rupa paripolah
Sagala dijieun keur ngahudang generasi ngora
Leuheung basa loba mangfaatna
Malah teu saeutik ramena teh kunu parasea

Loba acara jijieunan nu ngandung sisirikan
Anu antukan malah jadi hukum anu manjang
Anu disawang rek loba piuntungeun
Mana horeng malah kalah sabalikna

Ayeuna jelema loba nu cacat pangarti
Kurang wawasan jeung kaparigelan dina widangna
Hese dicarek jeung embung disalahkeun
Teu sugema kana sagala papatah jalma

Pangaruh datangnya pangarti ti luar
Sagala kagiatan bisa ditinggali ku sakabeh kahirupan
Teu sirikan unggal suhunan bisa arapal
Leuwih deui teu saeutik anu jadi kabarita eta kagiatan

Sigana mun dibarengan ku pangarti nu alus
Kacida mereun loba mangfaatna
Komo deui mun bari diperhatikeun unggal paripolahna
Hanjakalna loba nu ngan saukur hayang menang ramena

 

Baca Juga: Hilangnya Si Pembawa Kabar Berita

 

BekelSego adalah media yang menyediakan platform untuk menulis, semua karya tulis sepenuhnya tanggung jawab penulis.


Like it? Share with your friends!

0 Comments

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *